BIOGRAFI RAISA ANDRIANA BAHASA SUNDA


BIOGRAFI RAISA ANDRIANA

Biodata Raisa Andriana, Perjalanan Karir, Hingga Akan Memiliki ... 

Raisa Adriana mangrupakeun artis penyanyi Indonesia anu wedal di Jakarta dina ping 6 Juni 1990. Raisa putri ti pasangan Allan N. Rachman sarta Ria Mariaty. Raisa ngabogaan saurang raka namina Rinaldi Nurpratama. Raisa mimiti mitembeyan atikan di Taman Kanak-kanak Islam Dian Didaktika, Jawa barat. Wanci calik keneh di bangku sakola, Raisa atos sering nunjukeun bakat nyanyina dipayunen kelas.
Lulus TK, Raisa neraskeun atikan ka SD Dian Didaktika, Pangabisa Raisa mikin kaasah anjeuna sering ngiring paduan suara SD kasebat, wanci calik di bangku kelas 3. Salajengna raisa lebet ka SMP DIAN Didaktika. Di SMP pangabisa nembanb raisa mikin saé waé, salian éta raisa ogé kalebet siswi anu pinter di kelasna. Saatos lulus SMP, Raisa neraskeun atikanana di SMAN 34 Jakarta.
Wanci SMA anjeuna hiji sakolaan sareng Afgan Syahreza, Afgan nyaéta raka kelasna Raisa.Di SMA, Raisa sok disauran wasta “YAYA”. Di SMA, Raisa sering ngiring pentas seni sarta bakat nembangna makin ka-asah baé. Salulus SMA, Raisa neraskeun atikana di Universitas Bina Nusantara Internasional nyandak jurusan Marketing Internasional Bisnis, nanging angger baé raisa langkung fokus kana nembangna.
Dina wanci éta, Raisa gaduh kasempetan nembang dina konser sala sahiji komposer kakoncara nya éta David Foster di Jakarta. Salajengna Raisa direkrut ku Kevin Aprilio dina warsih 2008 kanggo janten Vokalis band Andante. Nanging wanci badé rék rekaman, pihak rekaman hoyongeun konsep anu benten, sarta ahirna Raisa kaluar ti band kasebat. Saatos kaluat ti Band, Raisa sok nembang di kafe-kafe. Cacak kitu, tetela éta téh kasempetan raisa kanggo jantén penyanyi kakoncara, dugi dina warsih 2010 raisa tiasa ngarilis single perdana dina judul “Serba salah”.
Satos ngaluarkeuna album kasebat, Raisa mikin seueur nampi tawaran dina acara musik. Dina warsih 2011 anjeuna ngiringan festival Java Jazz sareng ngarilis album nu munggaran dina judul “Raisa”. Karir Raisa makin saé baé, Dina warsih 2012 Raisa menang panghargaan musik dina tema “pendatang baru terbaik” dina ajang “Anugrah Musik Indonesia’, Sarta dina warsih anu sami Raisa menang penghargaan ogé salaku “Best Vocal Female In A Song” (New Female Artist) dina ajang Anugrah Planet Muzik di Singapura.
Dina Warsih 2013, Raisa ngarilis album kaduana nu dipasihan judul “Heart to Heart” aya 9 tembang lagu di antawisna, ieu ogé nu midamel karir musik Raisa mikin ka koncara. Dina warsih 2015 Raisa dipercanten Walt Disney Pictures kanggo nembangkeun hiji Sountrack pilem “Cinderella” anu dipasihan judul “A Dream Is a Wish Your Heart Makes” versi Indonesia.
Warsih 2016 kaliwat Raisa mulai deui ngarilis album ka tiluna anu dina judul “Handmade” sareng anjeuna ogé ngarilis kompilasi album anu dipasihan judul “The Best of Raisa”. Karier Raisa mikin marahmai sarta anjeunna janten sala sahiji penyanyi solo artis idola Indonesia.
Dina dinten Minggu 3 September 2017 Raisa resmi nikah sareng Hamish Daud Wyllie di Hotel Ayana Midplaza, Jakarta. Hamish Daud mangrupakeun saurang Arsitek, Presenter, sarta oge Aktor ti Astralia, nanging indungna asli ti Indonesia.



Komentar

Postingan populer dari blog ini

BIOGRAFI RIDWAN KAMIL BAHASA SUNDA

Pengertian, Ciri-ciri, contoh, dan peranan pada Lumut Kerak (Lichenes)

RESENSI DAN SINOPSIS NOVEL MARIPOSA OLEH LULUK HIDAYATUL